Piraku teuing urang Sunda henteu reueus kana kasundaana, komo deui wani mopohokeun kana seni budayana anu sakitu loba jeung luhur ajéna.
Kiwari loba pisan anu matak ngaruksak kana kaluhungan, kaahéngan jeung luhurna ajén budaya sunda boh ti lingkungan pergaulan ogé pangaruh media informasi.
Komo deui lamun urang sunda ngahaja ngaleungitkeun jati diri kasundaana boh tina basa alatan éra makéna, tina kasenian atawa tingkah polahna. Saperti soméah daréhdéh hadé kasémah, dépé-dépé handap asor atawa lungguh timpuh budi luhur jsb.
Ku hal ieu simkuring anu asli pituin turunan urang sunda, geus jadi hiji kawajiban lamun ngabogaan cita-cita hayang ngamumulé seni budaya sunda sanajan luyu jeung kamampuhan.
Umajak ka sakabéh dulur ti kidul baraya ti wétan najan paanggang jeung nu dimana waé ayana. Hayu urang babarengan nanjeurkeun seni budaya urang sorangan, luyu jeung kamampuhna séwang-séwangan.
Anu resep dina kaseniana sok atuh tingkatkeun pangabisana, anu resep olah raga gancang geura ulik penca silatna jsb. Jeung leuwih penting deuih ulah éra nulis jeung cumarita ku basa sunda dimana waé tempatna, bari susuganan sakabéhna aya pangrojong ti pamaréntahana.
Sok sanajan simkuring gé wawanian jeung kumawani tapi lain wanian nulis ku basa sunda. Nya deuk iraha jeung dimana deui nulis sakieu panjangna ari lain dina blog boga sorangan mah.
Keun salah mah da ngarana gé diajar, bari susuganan aya inohong seni budaya sunda atawa seniman ahli sastra jeung basa. Anu daék nyarungsum ngarah jadi élmu, komo deui bari golosor jeung susuguhna.
Tah di handap aya kakawihan kaulinan urang sunda jaman baheula. Nu matak ngahudang rasa, matak rus-ras wararaas lamun inget harita keur leutik. Lulumpatan di tengahan sawah, ucing sumput, ngurek atawa méngbal di balong bangkar jsb.
Kawih Kaulinan Barudak Sunda Jaman Baheula :
Sur Sér
Sur sér sur sér, angeun aing acan asak
disuluhan ku kanyéré, kanyéré meunang meulahan
Meulahan ku péso raut
Péso raut gagang tanduk
dug dug bro dug dug bro
angeun aing gera asak
Tokécang
Tokécang tokécang Balagendil tosblong
Angeun kacang angeun kacang sapariuk kosong
Hayang teuing angeun waluh
Angeun waluh di oncoman
Hayang teuing gera wawuh
Geus Wawuh rék di oconan
Cingciripit
Cingciripit tulang bajing
Cingciripit kacapit ku bulu paré
Bulu paré seuseukeutna
Jol Pa Dalang
Mawa wayang jrék jrék nong
Cingcangkeling
Cingcangkeling
Manuk cingkleung cindeten
Plos ka kolong Bapa satar buleneng
Jaleuleuja
Jaleuleu ja tulak tu ja éman, gog
Seureuh leuweung, bay
Jambé kolot, bug
Ucing katinggang songsong, ngék
Eunduk-Eundukan
Eundeuk eundeukan lagoni
Meunang peucang sahiji
Leupas deui ku nini
Beunang deui ku aki
Leupas deui ku nini
Beunang deui ku aki
Trang Trang Koléntrang
Trang trang koléntrang
Si londok paéh nundutan
Mesat gobang kabuyutan
Tikusruk kana durukan
Urang Arulin
Yu batur urang ulin ka Cibadak
Ah embung sieun badak nu kamari
Geus euweuh geus dibedil ku si Jendil
Ndil ndilong si Jending dirawu kélong
Bang Kalima-lima Gobang
Bang kalima lima gobang bang, Bangkong di tengah sawah, wah
Wahéy tukang bajigur, gur
Guru sakola désa, sa
Saban poé ngajar, jar
Jarum paranti ngaput, put
Puteri nu gareulis, lis
Lisung kadua halu, lu
Luhur kapal udara, ra
Ragrag di Jakarta, ta
Taun opat hiji, ji
Haji rék ka mekah, kah
Kahar tujuh rébu, bu
Buah meunang ngala, la
Lauk meunang nyobék, bek
Béker meunang muter, ter
Terus ka Cipatén, tén
Pena gagang kalam, lam
Lampu eujeung damar, mar
Mari kuéh hoho, ho
Hotél pamandangan, ngan
Ngantos kanjeng dalem, lem
Lempa lempi lempong
Ngadu pipi jeung nu ompong
Punten Mangga
Punten, mangga
Ari ga, gatot gaca
Ari ca, cau ambon
Ari bon, bonténg asak
Ari sak, sakit perut
Ari ruj, rujak asem
Ari sem, sempal sempil
Ari pil, pilem ramé
Ari mé, méja makan
Ari kan, kantong kosong
Ari song… songsong lampu
Ari pu, puakpaok
Ari wok, ok berewok/Cenewok
Pérépét Jéngkol
Pérépét Jéngkol Jajaéhan
Kadempét Kohkol/tol Jéjérétéan
Ojok Ojok Uang Aung
Ojok ojok uang aung
Ngarorojok nu disaung
Ojok ojok undar andur
Ngarojok nu keur tandur
Ojok ojok umbet ambét
Ngarojok nu ngarambét
Ojok ojok uat-aut
Ngarojok nu dibuat
Ojok ojok ata utu
Ngarorojok nu keur nutu
Ojok ojok unggang anggéng
Ngarojok nu keur nonggéng
Ojok ojok ucad aced
Ngorojok nu aced acedan
Oél Olé Ogong
Olé olé ogong Melak cabé di Tarogong
Dihakan ku embé ompong
Ditéang kari sapotong
Au au éhéng Beuleum cau tutung géhéng
Embé embé domba
Anak sapi tutunggalan
Ema ema wéya Si Sahi kabuhulan
Hayang geura diinuman
Embé embé domba Anak sapi tutunggalan
Ema ema wéya
Si Sahi pupundakan
Ku baturna ditumbukan
Oray Orayan 1
Oray orayan
Oray naon, oray bungka
Bungka naon, bungka laut
Laut naon, laut dipa
Dipa naon, dipandeuri
Oray Orayan 2
Oray orayan luar léor mapay sawah
Entong ka sawah paréna keur sedeng beukah
Mending ka leuwi, di leuwi loba nu mandi
Saha anu mandi, anu mandina pandeuri
Bubulaoan
Bubulaoan Si semar maling gunting
Guntingna kabulaoan
Ta eem ta eem
Sidakep bari balem
Ambil Ambilan
Ambil ambilan
Turuktuk hayam samantu
Saha nu diambil kami mah teu boga incu
Boga gé anak pahatu
Pahatu gé daék
Purah nutu purah ngéjo
Purah ngasakan baligo
Nyerieun sukuna
Kacugak ku kaliagé
Aya ubarna kulit munding campur dagé tiguling nyocolan dagé
Ayang Ayang Gung
Ayang ayang gung
Gung goongna ramé
Ménak Ki Mas Tanu
Nu jadi wadana
Naha manéh kitu
Tukang olo olo
Loba anu giruk
Ruket jeung Kumpeni
Niat jadi pangkat
Katon kagoréngan
Ngantos Kangjeng Dalem
Lempa lempi lempong
Ngadu pipi jeung nu ompong
Jalan ka Batawi ngemplong
Aya Hiji Kurung
Aya hiji kurung
pinuh ku japati
japati kaluar
disada uok uokan
Alim karamana
alim ka ibuna
hoyong kaputrana
nu centik bulu socana
Tat Tit Tut 1
Tat tit tut
Daun kanyéré
Saha nu hitut budak awéwé
Dibawa kasaung butut
Balikna ngaburusut
Tat Tit Tut 2
Tat tit tut
Daun Kaliki
Saha nu hitut budak lalaki
Dibawa kasaung butut
Balikna ngaburusut
Gaduh Bonéka
Abdi téh ayeuna gaduh hiji bonéka
Teu kinten saéna sareng lucuna
Ku abdi dierokan erokna saé pisan
Sumangga tingali bonéka abdi
Bulantok
Bulantok bulantok bulan gedé bulan montok
Moncorong sagedé batok
Bulantok bulantok, aya bulan sagedé batok
Bulanting bulanting, Aya bulan sagedé piring
Mukakeun Lawang Angin
Pa Déong Pa Déong
Pangmukakeun lawang angin
Tongtolang Nangka
Tongtolang nangka
Kawinan bapa
Poé salasa
Teu béja béja
Aduh aduh si Bapa
Teungteuingeun ka Ema
Bapa mah suka suka
Jeuh nu ngora
Ucang Anggé
Ucang ucang anggé
Mulung muncang ka paranggé
Digogog ku anjing gedé
Anjing gedé nu Pa Lebé
Ari gog gog cungungung
Sigana loba kénéh kakawihana, ngan ieu mah anu apalna wungkul bari kaalaman ku simkuring. Mangsa harita keur bolon di kampung Blok Paréman baheulana Désa Cibaduyut Kacamatan Dayeuhkolot. Ayeuna mah jadi Kalurahan Mekar Wangi Kacamatan Bojong Loa Kidul Bandung.
Hanjakal ayeuna mah kampungna gé geus kakuriling ku komplék perumahan istana mekar wangi. Nu sésa kari waasna. Tamada nyanggakeun du'a ka Ibu Rama mugia husnul khotimah, dipaparinan rohmat kubur ku Alloh SWT. Amin ya rabbal 'alamin.
Salam baktos kasadaya wargi simkuring nu aya di kampung Blok Paréman ogé sadayana turunan urang sunda dimana baé ayana
Ampun paralun anu kasuhun, neda disihapunten tina sanés kanten hilap sinareng lepatna, Cag..